Sunday, October 17, 2010

TUGAS wawancara B.SUNDA

Tema: Kajoaraan Renang sa Kota Bandung

Narasumber
Wasta: Akhirul Janari
Alamat: jl.muhamad ramdan
Sakola: SMPN 10 Bandung

Nungawawancara
Wasta: Dhifan Hanifan
Alamat: JL.Ihofftang blok desa 12
Sakola: SMPN 10  Bandung

Tempat: di kolam Renang
Waktu: sa entosna lomba renang
Susunan Patalekan
*      Nyuhunkeun waktosna sakedap kanggo ngawawancara
*      Naroskeun kunaon akhirul teh beut milih olah raga renang ieu
*      Naroskeun Ti umur sabaraha akhirul janteun atlet renang ieu
*      Naroskeun kumaha  rasana janteun juar ka2 sa kota bandung
*      Naroskeun naonwae kasulitan salami ngajalan keun lomba renang ieu
*      Naroskeun lomba renang di tingkat mana wae anu ku akhirul diiringan teh
*      Nutup wawancara



Akhirul janari teh salah saurang atlet renang lalaki anu ngajoaraan lomba renang sakota bandung ieu.teras akhirul ieu teh lahir di bandung tanggal 8 febuari 1996.akhirul ieu teh  tos ngiringan lomba renang ti kelas 4 SD.

Dhifan (wartawan) : asalam mualaikum wr wb
Akhirul (narasunber) : waalaikumsalam wr wb
Dhifan          : wios abdi nyuhunkeun waktosna sakedap
Akhirul         : wios atuh teu nanaon
Dhifan          : abdi bade naroskeun ari akhirul teh kunaon beut milih olah raga renang ieu?
Akhirul         : da sababna abdi mah tos hobi atawa resep kana renang teh.
Dhifan          : tapi upami akhirul bade renang akhirul badenaon heula?
Akhirul         : nya pamanasan heula ameh teu keram lamun aya dina cai,kan lamun dina cai keram kan ngke bakalan bahaya.
Dhifan          : teras akhirul the tos ti umur sabaraha janten alet renang teh?
Akhirul         : abdi mah tos ti umur 8 taun tos jadi atlet renang teh.
Dhifan          : ari akhirul teh di piwarang kusaha ameh janteun atlet teh?
Akhirul         : oh ari eta mah abdi hoyong nyalira janten atlet.
Dhifan          : teras  ari akhirul teh kumaha ayeuna rasana janten juara ka 2 sa kota bandung?
Akhirul         : alhamdulilah abdi tos janteun juara ka 2 sa kota bandung .tapi abdi mah hoyong namah janteun juara ka 1 tapi sakali deui alhamdulilah.
Dhifan          : teras ari akhirul teh salami lomba ieu aya kasulitan naon wae?
Akhirul         : kasulitan anu aya dina lomba ieu mah lumayan seuur dasabab na didieu mah saingannana teh seueur pisan teras jarak renangnana lumayan tebih sakitar 200 meteran.
Dhifan          : lumayan tebih ogenya,tapi ari akhirul teh tos ngiringan lomba renang di tingkat mana wae?
Akhirul         : abdimah tos pernah ngiringan di tingkat kabupaten,kota madya,sajawa barat sareung anu laena.
Dhifan          : lumayan seuuer ogenya lomba anu perna diiringan akhirul teh, nya entos atuh abdi nga hatur keun nuhun anu saageung-ageing na ka akhirul anu tos nyempat keun waktosna kanggo wawancara saeng abdi.
Akhirul         : oh sami-sami abdi oge ngahatur keun nuhun.
Dhifan          : asalmualaikum wr wb
Akhirul         : waalaikumsalam wr wb



Laporan:
Akhirul janari teh salah saurang atlet renang anu kenging juara ka 2 sa kota bandung teras entos ngajuaraan di tingkat kabupaten, kota madya,sareung sa jawa barat.

No comments:

Post a Comment